Pagelaran Indonesia Kirana 2022


Baca dalam Bahasa Indonesia

Read in English

[unpadchoir.com Bandung, 10/06/2022] – Persiapan pikeun kompetisi Grand Prix Éropa For Choral Singing (Final) di Tours, Perancis jeung The 11th “Antonio Vivaldi” International Choir Competition and Festival di Gabrovo, Bulgaria, Paduan Suara Mahasiswa Universitas Padjadjaran ngayakeun konsér pra-kompetisi anu dinamian ‘Pagelaran Indonesia Kirana 2022’ anu dilaksanakeun di dua tempat, nya éta tanggal 31 Méi 2022 di Gedung Kesenian, Jakarta jeung 3 Juni 2022 di Grha Sanusi Hardjadinata, Bandung.

Konsér tanggal 3 Juni 2022 di Kota Jakarta dibagi jadi 2 pintonan konser, nyaéta Pagelaran 1 (14.00 WIB) jeung Pagelaran 2 (18.00 WIB). Antusiasme panongton ditingal ku seepna tiket pagelaran Jakarta 1. Tikét konsér di kota kadua nyaeta Bandung ogé seep dina kategori VIP.

Sesi kahiji konsér nampilkeun lagu-lagu anu baris dipintonkeun dina mangsa pasanggiri, dibuka ku lagu Die mit Tränen säen werden mit Freuden ernten sarta diteruskeun ku lagu-lagu salajeungna, nyaéta Aus dem Danklied zu Gott, Szabad-é?, Benedetto sia. ‘l giorno, Readymade Alice, sarta ditutup ku Sicut Cervus.

Konsér sési kadua dibuka ku lagu Nicolette karya Komposer Maurice Ravel, diteruskeun ku lagu-lagu salajeungna sapertos La Nuit, Besame Mucho, Benggong, jeung Gayatri. Dina pintonan dua konsér ieu, aya hiji lagu anu pohara dipikameumeutna lantaran miboga harti jeung tafsir anu jero, nyaéta lagu Besame Mucho. Lagu mangrupa salah sahiji lagu Méksiko nu pang populerna di dunya, ngabejaan carita gadis anu ngadambakeun cinta ti saurang pameget.

Panutup konsér dipungkas ku pelepasan Tim Indonesia Kirana 2022 ku Diréktur Kemahasiswaan jeung Hubungan Alumni Universitas Padjadjaran, Dr. eng. Boy Yoseph Cahya Sunan Sakti Syah Alam, S.T., M.T., ogé pangawas PSM Unpad, Antik Bintari, S.IP., M.T. Pelepasan dilaksanakeun bari nembangkeun lagu Bagimu Negeri.

“Konsér pra-kompetisi Indonesia Kirana 2022 kali ieu mangrupa pangalaman anyar pikeun kuring salaku Pimpinan Palaksana sarta tangtuna ogé pikeun sakumna panitia. Kuring tiasa diajar seueur hal tina pagelaran ieu. Tina ngabagi-bagi waktu, nganalisis masalah, nyungsi solusi anu éféktif pikeun satiap masalah, jeung réa deui palajaran séjénna anu bisa kuring pikahoyong,” ceuk Anand Ariefianto, salaku Ketua Pelaksana Pagelaran Indonesia Kirana 2022.

Anand ogé nambahan, konsér ieu ogé mangrupa awal anyar pikeun PSM Unpad pikeun balik deui ngalaksanakeun kagiatan sacara offline. Aanjeuna ngaharepkeun, konsér ieu bisa ngubaran rasa sono para pecinta paduan suara pikeun alunan-alunan nada  jeung wirahma PSM Unpad. “Kuring ogé miharep konsér ieu bisa jadi ajang uji coba tim Indonesia Kirana 2022 anu bade berlaga di Grand Prix Éropa pikeun Choral Singing in Tours, Perancis jeung The 11th Choir Competition “Antonio Vivaldi” di Gabrovo, Bulgaria. tutupna.

 

Putri Huliyah Rahma