Paduan Suara Unpad Ngibarkeun Deui Merah Putih di Éropa


Baca dalam Bahasa Indonesia

Also read in English

[unpadchoir.com Gabrovo, 25/06/2022] – Paduan Suara Mahasiswa Universitas Padjadjaran (PSM Unpad) sakali deui ngareueuskeun Indonésia ku meunangna dina The 11th “Antonio Vivaldi” International Choir Competition and Festival anu dilaksanakeun tanggal 25 Juni 2022 di Aula Municipal “Vazrazdane” Gabrovo, Bulgaria. Dina éta pasanggiri, PSM Unpad meunang medali emas (juara kahiji) kategori Mixed Choir.

PSM Unpad junun janten juara kahiji kategori Mixed Choir kalawan skor 98 ngaliwatan pintonan tembang nu rupa-rupa jeung apik. Sababaraha lagu anu dipidangkeun diantarana Die mit Tränen Säen werden (Heinrich Schutz), Readymade Alice (Perttu Haapenen), sareng Gayatri (Bagus S. Utomo). Karagaman jeung pilihan lagu-lagu anu dipidangkeun ngagambarkeun kamampuh khas na PSM Unpad anu éksprésif pisan.

Saméméh tampil dina éta pasanggiri, PSM Unpad ogé atos ngalaksanakeun misi kabudayaan anu biasana dilaksanakeun saban taun, nya éta Konsér Budaya dina The 11th International “Antonio Vivaldi” Choir Festival di Gabrovo, Bulgaria. Dina Konsér Kabudayaan, PSM Unpad midangkeun rupa-rupa tembang daerah Indonesia, sapertos Sik Sik Sibatumanikam (Pontas Purba), Gai Bintang (Budi S. Yohanes), Cing Cangkeling (Budi S. Yohanes), Lisoi (Ruben Federizon), Soleram (Josu Elberdin), Bungong Jeumpa (Paul Widyawan), Yamko Rambe Yamko (Agustinus B. Jusana), Benggong (Ken Steven), sareng Gayatri (Bagus S. Utomo).

Salian ti éta, saméméh ngalaksanakeun runtuyan kagiatan pikeun The 11th International “Antonio Vivaldi” Choir Competition & Festival, PSM Unpad ilubiung dina European Grand Prix (EGP) Choral Competition di Tours, Perancis. EGP pikeun Choral Singing nyaéta kompetisi paduan suara anu pangluhurna sareng paling bergengsi di dunya anu ngahijikeun juara umum tina 6 kompetisi di Arezzo-Italia, Debrecen-Hongaria, Tours-France, Maribor-Slovénia, Tolosa-Spanyol, sareng Varna-Bulgaria anu kagabung dina asosiasi EGP pikeun Choral Singing.

“Indonésia Kirana tos berkembang janten sarana anu éféktif pikeun PSM Unpad pikeun mintonkeun sisi perjuangan ngahontal cita-cita sarta sakaligus mawa ngaran Indonésia di panggung dunya. Ngaliwatan misi ieu, PSM Unpad nepikeun amanat yén paduan suara mahasiswa téh mangrupa kelompok positip anu pantes dihargaan jeung dirojong ku réa pihak. Kasuksésan di Indonésia Kirana salaku paduan suara mahasiswa tiasa dihontal ngaliwatan visi nu sami sakumna elemen anggota paduan suara, kerja sama nu sae, silih paham jeung ngawangun sistem anu alus dina nembang jeung organisasi,” ceuk Arvin Zeinullah, pelatih utama PSM Unpad

PSM Unpad mawa ngaran Indonesia Kirana sabagé wujud misi kabudayaan ngaliwatan pasanggiri jeung pagelaran kabudayaan. Jasmine Azzahra Triatmojo, salaku ketua program nandeskeun bahwa, préstasi PSM Unpad anu panggedena téh bisa diwujudkeun ngaliwatan prosés palatihan salila 5 bulan. Tim paduan suara anu diwangun ku 44 anggota ogé junun nyieun sajarah salaku paduan suara mahasiswa Indonésia munggaran anu maju jeung meunang kompetisi eta.

 

Chika Trinita