Mekar : Meraih Berkah Ramadhan


Baca dalam Bahasa Indonesia

Read in English

[unpadchoir.com Bandung, 07/07/2022] – Minangka wujud silaturahmi jeung bakti sosial, tanggal 29 April 2022, Paduan Suara Mahasiswa Universitas Padjadjaran (PSM Unpad) ngayakeun kagiatan bakti sosial di Panti Asuhan Al-fien anu aya di Jl. Sariasih I No.2, Sarijadi, Kota Bandung.

Kagiatan ieu ngagaduhan tujuan pikeun masihan perhatian ka panti asuhan dina bentuk masihan bantuan sembako jeung babagi kabungahan bulan suci Ramadhan. Rupa-rupa runtuyan acara anu dirarancang ngeusi kahaneutan jeung kabagjaan dina acara bakti sosial waktu harita. Mimitian ti nembang babarengan, maén runtuyan kaulinan, nepi ka babagi carita.

Barudak panti asuhan Al-Fien ngarasa pohara kahibur ku ayana PSM Unpad, hal ieu tiasa katitén tina antusias anu kacida luhurna dina satiap kagiatan. Mertimbangkeun dina lebaran ramadhan taun ieu, barudak panti asuhan Al-Fien teu bisa balik deui ka lemburna lantaran ayana pandémik Covid-19, ku ayana PSM Unpad sakurang-kurangna bisa ngeusian kasepian anu dirasakeun.

Tariq salaku pupuhu dina ieu acara ngedalkeun rasa sukur parantos ngayakeun ieu acara. “Alhamdulillah, ahirna bakti sosial tiasa dilaksanakeun deui pikeun ngabagi berkah sareng kabingahan ka barudak panti asuhan Al-Fien. Alhamdulillah, acara bakti sosial taun ieu ogé lancar tur dilaksanakeun sacara offline kalayan langsung ka yayasan panti asuhan” Saurna. Sanajan tacan bisa ngaluuhan dina bakti sosial harita, Tariq masihan pesan sangkan teras ngabagi berkah, sanes saukur dina bakti sosial ieu hungkul, tapi kudu nambahan rasa miara batur di luar.

PSM Unpad ngaharepkeun, dina bakti sosial salajengna tiasa ngabantosan leuwih seeur jalma anu merlukeun di luar ditu. Mugia kagiatan ieu tiasa janten pangeling-ngeling khusus kanggo anggota PSM Unpad sareng barudak Panti Asuhan Al-Fien.

Adlan Mazaya salaku divisi logistik anu milih Panti Asuhan Al-Fien sabagé tempat dilaksanakeunana iyeu acara, miharep ku ayana PSM Unpad di Panti Asuhan Al-Fien tiasa ngamotivasi jeung ngajurung anak yatim pikeun nuluykeun sakola  jeung ngahontal cita-cita.

Pangurus yayasan Al-Fien ogé ngaregepkeun jeung sumanget pisan kana ayana PSM Unpad. Kagiatan bakti sosial ieu dipiharep bisa dituluykeun jeung bisa masihan mangpaat ka barudak panti asuhan séjénna.

 

Ni Made Cantya Fuza Adelamajid