Baca juga dalam Bahasa Indonesia
Read also in English
[unpadchoir.com/30/4/2019]. Paduan Suara Mahasiswa Universitas Padjadjaran (PSM Unpad) Parantos nyuguhkeun konsér Intern ka-14 nu miboga tajuk “Euphonious Chorale” dina tanggal 27 April 2019 kamari , nu dilaksanakeun di Grha Sanusi Hardjadinata, kampus Unpad Dipatiukur.
Aya sababaraha sesi nu ditampilkeun, diantawisna nyaéta Classic, International Song, Popular Song, dan Indonesian Folk Song. Kanggo sesi pambuka dibuka ku sesi Classic song nyaéta lagu Il Est Bel et Bon ciptaan Pierre Passereau ku komposisi Chamber. Konsér ieu sanggup pikeun nampilkeun sagala atraksi nu kacida alusna, timimiti dina nyanyina, tariana, jeung drama nu disayogikeun dina lagu Sesi Indonesian Folk Song, nyaéta lagu Nyai Undang jeung Sétra Galih.
“Sim kuring ngaraos bersyukur pisan sabab konsér na lumangsung lancar teu aya hambatan. Pas dugi ka ngadangu keprok ti panongton jeung ningali kondisi panongton nu kacida ramena, Karaos pisan bingahna kana konsér Intern ka-14 ieu teh”. Labib, pupuhu panitia Euphonious Chorale.
Sesi Popular Song dina uanggal taun sok bisa ngajak panongton milu nyanyi, kusabab lagu di tampilkeun nyaéta lagu lagu nu kacida kasohorna. Sesi Popular Song ditutup ku lagu Don’t Stop Me Now karya Queen, kadangu pisan keprok ti korsi panongton, sabab dina ieu lagu, para panyanyi Euphonious Chorale sanggung piekun meré tampilan nu maksimal ditambah ku gerakan nu ngadukung jalana konsér.
“Alhamdulillah, kacida atohna, sagala naon nu ku urang sadaya dilakonan dina 3 sasih kapengker tiasa kabayar ku suksesna ieu konsér . Konsér Intern ka-14 ieu nepikeun kesan nu unik ka sim kuring khususna, sabab konsér mangrupakeun awalan atau mimitian mimpin tim paduan suara ageing nu eusina marupakeun 2 angkatan nu pangorana nu sebenerna masih kenéh butuh bimbingan dina terknis nyanyi, interpretasi lagu, jeung hal nu sejéna”. Conductor sesi Popular Song , Nauval Revy Faradis.
Labib ogé nambahkeun, “Hatur nuhun kanggo Pangurus PSM Unpad sabab parantos ngapercayakeun sim kuring salaku pupuhu jeung ogé bimbingana dina salamai ieu kapanitiaan. Kanggo anggotan 2018 kacida seeurna pangalaman sareng pelajaran di PSM nu tangtuna bakal ngabentuk pribadi nu langkung saé kapayuna, Sumnaget sareng teras diajar sasarengan!”.
(Fahril)
Alih Basa: Aldy Nofansya